Nyuprih Pangarti Nyiar Pangabutuh

         "Nyuprih Pangarti Nyiar Pangabatuh", ieu judul sanes bewara atanapi saukur kecap. Didieu Simkuring lain saukur nyarita, lain saukur nyerat sajak komodeui lamun disebat saukur sasadu. Simkuring didieu bade nyobian meraktekkeun naon anu disebat Nyuprih Pangarti jeung Nyiar Pangabutuh.

"Caang bulan dadamaran"


Eta pribahasa bijil, salah sahijina kulantaran jalma jarang nerapkeun pangarti kana hirup jeung pagaweanna. Tangtu dina judul ieu berkaitan kana eta pribahasa, sok pikir ku anjeun. Lamun anjeun gawe tapi heunteu bari neangan elmuna, sugan-sugan eta pagawean kurang mangpaatna.

Naha bet, eta pigawe teh kudu bari neangan elmuna? Tah ieu pananyaan lamun simkuring kenging ngajawab. Ku simkuring bade dicartikaeun saeutikna kajadian diri simkuring sorangan.

"Dina hiji poe, pas sumangeut-sumangeutna simkuring kana hiji pagawean. Eta neupi ka poho kana waktos tuang. Nya meureun saking sumangeutna. Mung, pas breh beres teh bener kahayang anu ditungguan teh kacapai saberes eta pagewean.. Nya maksudna mah simkuring atoh kusabab hasilna aya dina hiji pagawean eta. Eta waktosna tuang dipohokeun, hakna awak teu digugu, hak ka Gusti nu kawasa kanggo ibadah ditinggalkan. Ampun teuing ieu kageloan ku pagawean. Singkatna ieu dina carita, eta hasil bener-bener mikeun simkuring jadi atoh ngan bet jadi mikir. Didinya simkuring ngahuleng tarik, emang ieu hate atoh kana hasil pagawean. Ngan kuring sadar bahwa simkuring ngan saukur meunang hasil dina pagawean. Teu aya mangpaat salian jeung diri sorangan, teu aya kawajiban anu kedahna dilaksanakeun. Naha bet jadi kieu, dina pamikiran teh."

Hiji carita eta, nyaritakeun pengalaman simkuring. Leresna simkuring masih coba meneurkeun jatah waktu kanggo ngatur kagiatan sapopoe.

Tah, pentingna Nyuprih Pangarti Nyiar Pangabutuh teh kieu. Dina hiji waktu urang teh kudu bisa nyempetkeun kana neangan elmu. Kusabab eta salah sahiji perintah ti luhur, boh elmu dunia jeung elmu akherat. Dina ngalakonan pagawean ge sarua, ulah ngan saukur Nyiar Pangabutuh weh hayo. Tuluy geuring, tuluy teu apal kana waktu nu sakuduna.

Sok ayeuna, lamun anjeun eta gawe aya tujuan lain salian neangan duit?Sok mun anjeun keur sakola aya teu tujuan lain salian nuturkeun waktu sakola tur ngadengekeun guru?


Hiji nasehat pernah dongkap ka simkuring, nagait kana tujuan pagawean jeung mangpaatna. Hiji nasehat eta kecapna keiu :

"Kerja itu bukan sekedar cari uang tapi jadikan sebagai Ibadah - Atur waktu sholatmu maka waktu dalam urusan lainnya akan mengikuti dengan baik"
"Mencari nafkah bukan sekedar banting tulang tapi harus mencari berkah"

Tah eta nasehat ku bahasa Indonesia, tapi kahartilah pasti kuurang sunda balarea mah. Jadi dina hiji pagawean teh lain saukur duittt.. laiinn... Lamun anjeun ngarepkeun saukur duit anjeun bakal meunang duit hungkul. Tapi jadikeu eta pagawean teh Ibadah. Ibadah didieu sanes artina teu butuh duit. Tapi hasil pagawean anu mangpaat tur barokah. Coba lamun eta getol gawe tapi tara pisan kana ibadah bisa teu disebut berkah eta hasil? Coba mun eta gawe neupi ka ninggalkeun kulargi, ninggalkeun kabahagiaan waktos jeung nu berhak, ngorbankeun hak awak. Kumaha coba jadina?
Tah eta teh kusabab acan bisa Nyuprih Pangarti dina pagaweanna.  Emang leres Nyiar Pangabutuh sabab jelema mah kedah kuat tong putus asa dina hirup teh. Kedah kerja keras, tap tetep hak-hak jeung kawajiban ulah dihilikeun komo dikorbankeun. Sok direnungkeun,.. Mugia mangfaat...


Jadi intina, mun simkuring dikengingkeun nyimpulkeun eta maksud Nyuprih Pangarti Nyiar Pangabutuh teh. Milarian elmu kedah nerap kana awak nu pasti elmu nu mangpaat jeung bener. Dina Nyiar Pangabutuhna, urang kudu nyaho eta elmuna ulah sampe ngan saukur elmu gawe tapi elmu kana tujuan nyumponan pangabutuh teu apal.


Sok mangga ieu tulisan tiasa dipasihan komentar, bilihna aya kaleupatan dina kecap boh pamolah simkuring anu teu mereunah. Mangga urang diajar sasarengan... Nuhun pisan rencang sadulur sareng tokoh anu masihan inspirasi katulisan ieu... Sakali deui mugia ieu tulisan berkah tur mangpaat ka sadayana...

Hatur Nuhun... :)
Reactions

Posting Komentar

0 Komentar